Langsung ke konten utama

Tarekah Ngawanohkeun Aksara Sunda




Paniten masalah sosial budaya ti Lemabaga Pengawasan Kinerja Pembangunan Daerah (LPKPD),  Aditia Rahman (Kang Adit), netelakeun tarekah ngawanohkeun aksara Sunda di Kabupaten Bandung hese ngawujud sabab Pemkab Bandung sorangan teu mirucaan. Conto leutikna, cek Kang Adit , ngaran kantor dinas atawa ngaran gedong-gedong perkantoran dilingkungan Pemkab Bandung teu dilengkepan make tulisan aksara Sunda. Kaasup Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) jeung gedong Secient Centre (komo ieu mah)  teu nyunda pisan.

Basa hal ieu dikonfirmasikeun ka pihak Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Kabupaten Bandung, tanggapanana kawilang hade. Pihakna ngarasa diingetan turta eta pasualan baris diakomodir dina rencana kerja dinas sarta bakal diajukeun dina musrenbang tingkat Pemkab Bandung.
"Sae pisan eta masukan teh. Terus terang sim kuring asa ter-inspirasi. Saena kapayun urang programkeun." Cek Kadisparbud Kabupaten Bandung, ngaliwatan Kepala Bidang Kebudayan, Dr. Aten Sonadi, kanu nulis di rohang gawena kamari ieu.

Taun 2013 Paguyuban Seniman dan Budayawan (PASEBBAN)  Kabupaten Bandung geus medalkeun buku kalayan judul "Ngariksa Aksara Sunda". Nurutkeun Ketua Pasebban Kabupaten Bandung, Drs. Herry Heryadi (Abah Awie),  inyana (Pasebban -Red) ngarasa boga tanggungjawab pikeun milu miara,  ngariksa,  jeung ngamasarakatkeun aksara Sunda oge cara nulisna.
Cek Abah Awie dina salam pangjejer eta buku, tarekah Pasebban dina ieu hal meunang pangrojong ti Pemkab Bandung anu sarua miharep ku medalna buku "Ngariksa Aksara Sunda" bisa jadi rawayan pikeun nepungkeun deui aksara Sunda titinggal karuhun jeung masarakat Sunda.

Nu milu midang mere panganteur buku "Ngariksa Aksara Sunda" lianti Abah Awie salaku nu boga alpukah, oge aya Bupati Bandung jeung Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung.

Nurutkeun Bupati Bandung, Dadang M Naser,  aksara Sunda kudu bisa ngindung ka waktu mibapa ka zaman, upamana ku cara digunakeun dina sarupaning pakakas teknologi.

Bupati nandeskeun, ngawanohkeun aksara Sunda ka urang Sunda mangsa ayeuna henteu bisa sakaligus tur kalawan paksaan,  tapi kudu ku cara satahap-satahap jeung ngaliwatan sababaraha jalan dumasar kana klasifikasi gundukan masarakatna jeung lembaga fungsional nu aya boh formal boh informal.


Nu utama mah, cek Bupati, nyaeta ngaliwatan sakola ditujukeun ka generasi anyar (barudak),  saperti nu kungsi kaalaman dina mangsa ka tukang (ti taun 2000). Tapi bareng jeung eta cara, diwanohkeun oge ngaliwatan organisasi, kantor, jeung gundukan masarakat sejena.  Salianti eta penting oge di tempuh ngaliwatan media cetak (buku, majalah, Surat Kabar,  brosur)  jeung media elektronik (radio, televisi, film, CD).


Kamandang nu meh sarupa ditepikeun ku Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung, Juhana, dina pangjejer eta buku, Juhana netelakeun yen aksara Sunda perelu diwanohkeun deui ka masarakat,minangka tarekah pikeun ngamumule jeung ngamekarkeun identitas jeung kareueus masarakat Jawa Barat kana kabudayaanana. Sok komo kapan geus aya Perda jeung peraturan ngeunaan Aksara Sunda, utamana Peraturan Daerah Jawa Barat No 5 Taun 2003 ngeunaan miara basa, sastra jeung aksara Sunda.


Juhana nyodorkeun juklak ( konsep petunjuk pelaksanaan)  ngeunaan tahapan -tahapan cara ngawanohkeun Aksara Sunda.

Kahiji, cek Juhana, ku cara ngawanohkeun heula Aksara Sunda ka guru-guru SD,  SMP SMA, jeung SMK. satuluyna eta guru-guru ngajarkeun Aksara Sunda ka murid-muridna dina waktu mata pelajaran Basa Sunda atawa dina waktu husus boh kurikuler boh non kurikuler.  Pangaweruh guru-guru teh ditatalepakeun ka guru-guru sejen jeung lingkungan masarakatna sarta dipraktekkeun (misal)  nyieunan papan ngaran sakola,  bale desa, kantor, organisasi, jeung rea-rea deui.  Diihtiaran deuih sangkan pangajaran Aksara Sunda ulah jadi momot nu beurat keur murid -murid katut guruna.


Kadua, masih nurutkeun Juhana, ngawangun rupaning komunitas Aksara Sunda, boh komunitas anyar boh komunitas nu geus aya ku cara ngalegaan kagiatanana.  Tina eta komunitas satuluyna mah tatalepa bae ka masarakat,  boh masarakat Sunda boh masarakat luar Sunda.


Katilu,  Juhana nandeskeun, pikeun ngalatih masarakat nu geus di ajar Aksara Sunda kudu disadiakeun bahan bacaanana.  Ku kituna,  perlu di susun jeung diterbitkeun buku-buku bacaan Sunda dina (wanda)  Aksara Sunda.  Perelu oge diayakeun saembara ngarang basa Sunda anu di tulis make Aksara Sunda.  Masarakat ge bisa di ajar Aksara Sunda, make komputer deuih.

"Juklak geus aya meunang nu 'dibendo'.  Ka irong, nu susah mah nyaeta ngalaksanakeunana." Cek Kang Adit.

Salaku paniten masalah sosial jeung kabudayaan di Kabupaten Bandung, Kang Adit meredih komitmen ti reng-rengan stakeholder anu aya di lingkup pamarentahan Kabupaten Bandung, utamana Disparbud sangkan ngalaksanakeum tupoksi gawena kalawan daria.
"Kari prung, laksanakeun. Sagala rupana tos eces." Cek Kang Adit kanu nulis, di Soreang kamari ieu.***
-- Lili Guntur --

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Gunung Pancir Bihari jeung Kiwari

GUNUNG PANCIR perenahna di Desa Jelegong, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung. Kacatet luhurna nangtawing ngahontal 806 mdpl,  kalayan lega ambahan lahana 14,8 hektar. Taun 1980-an kaayaan Gunung Pancir masih ajeg, tacan kagunasika ku rohakana paneka zaman.  Mun ditingali ti kajauhan oge kajeueung muncugug ngajurungkunung, cek Mang Suhandi mah siga aseupan nangkub.  Masih keneh katenjo hejo ku tutuwuhan.  Endah katingalina.  Teu munasabah mangsa harita sok rajeun loba nu ngadon wisata hiking ka Gunung Pancir.  Sabada anjog ka puncak breh pamandangan, mayakpakna padataran Bandung nepi ka tebeh Soreang matak waas. Tacan ka panggih riwayat anu pertela naon sababna pangna eta gunung di sebut Gunung Pancir.  Tapi anu sidik mah, kitu cek Mang Suhandi (60),urang Kacamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Gunung Pancir mibanda ciri anu mandiri, bentukna jiga pancer (aseuk). "Tiasa janten pancir ieu tina kecap pancer, nyaeta aseuk atanapi ...

Kampung Adat Mahmud Ilang Dangiang

Ka Makom Mahmud di Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, saban poe tara towong kunu ngadon ziarah. Para peziarah datang ti saban daerah, lain wae warga sabudeureun Mahmud tapi teu kurang anu datang ti luar kota/kabupaten Bandung.  "Diantawisna aya peziarah anu dongkap ti luar pulo Jawa, inyana ngahaja seja ujlah ngadon mukim aya anu lamina saminggon, aya anu dugika opat puluh dinten. " Kitu pangakuan salah saurang kuncen Mahmud,Kai Tahrim alias Mang Dedi (54),ka Galura, sawatara waktu katukang.  Ditetelakeun, yen tokoh anu di pendem di Makom Mahmud teh nyaeta Syekh Abdul Manaf anu satuluyna meunang pangjuluk Eyang Mahmud. Cek kuncen, nepika kiwari tacan aya kasang tukang riwayat anu eces saha jeung urang mana sabenerna Eyang Mahmud teh. "Aya nu nyebatkeun cenah Syekh Abdul Manaf teh rundayan waliyulloh Syarif Hidayatulloh Cirebon, aya oge anu nyebatkeun anjeuna teh teureuh Mataram, putra Pangeran Nagadirdja." Kai Tahrim mindo caritaanana...