Langsung ke konten utama

Nasehat Syekh Abdul Qadir Zaelani



UPAMA seug ngeunteung kana nasehat waliyulloh Syekh Abdul Qadir Al Zaelani,saur anjeuna dina kitab Minhajul Qasidin karya Ibnu Qudamah, wirehna saupami di antawis urang nandangan ka susah anu banget kacida, susah anu taya hinggana,  ngaraos sulit tur werit mayunan kahirupan,  anu jelas tur tetela urang kedah usaha milari tarekah sangkan eta kasusah tiasa pukah.

Anapon saupami keukeuh peuteukeuh, kitu saur Syekh,  tos  upaya lahir batin  nanging eta kasulitan angger wae ngukuntit,  mangka jurus konta alias jurus pamungkas pasrahkeun jiwa raga urang kaMantena (Allah azza wajalla), pangeran anu ngusik malikeun abdi-abdi sadaya.Saestuna Alloh Mahaberkehendak,  dalah hakekatna ringkang rindat urang sadaya anging pangersa Gusti.  Sadaya hasrat, paneja,  hasil teu hasil,  sadayana gumantung widi Gusti (bi idznillah).

Allah SWT ngadawuh dina Al Quran anu pihartoseunana : "Saupama seug Alloh maparin pitulung ka anjeun, tanwande moal aya nu manggapulia ngelehkeun anjeun, sabalikna saupama Alloh apihare ka anjeun (teu nulungan),  saestuna saha anu baris bisa nulungan anjeun.  Kusabab kitu,  mung ka Alloh jalma-jalma mukmin sumerah diri (tawekal). " (QS. Ali Imran : 160)

Ma'asyirol muslimin!
Tawekal ngandung makna usaha satekah polah ngajalankeun ikhtiar sebagai amal soleh.  Hakekat ikhtiar sakumaha ayat tadi nyaeta sumerah diri ka Gusti sabada berupaya, rumasa hirup laip teu aya kakuatan sareng kemampuan saupami teu aya pangersa Alloh.

Tawekal ka Alloh nyaeta ku cara musyahadah (pengakuan dosa). Kumargi kitu seueurkeun dzikir du'a karab (du'a kanalangsaan) sakumaha kantos karandapan ku Nabiyulloh Yunus as. Anjeuna ditenggelamkeun (nalika naek kapal laut) alatan dosa nu karandapan, Yunus as putus asa ninggalkeun kaumna anu di pandang bedegong teu kersa di ajak iman ka Alloh.

Ku hiji kaom anu aya dina eta kapal anu ditumpangan ku Nabi Yunus, Yunus as digejeburkeun ka laut anu satuluyna di legleg ku lauk Nun (Paus) anu kacida badagna, sarta dibawa teuleum ka jero dasar samudra.  Salila di jero beuteung lauk, Yunus as teu reureuh dzikir ka Gusti, rumasa diri tos milampah salah.  Anapon dzikir anu didawamkeun ku Nabi Yunus as salami 40 taun dina jero beuteung lauk Nun (nurutkeun hiji katerangan),nyaeta du'a anu ka unggel dina Al Quran surah Al Anbiya ayat 87 : Laa ilaaha illaa anta subhaanaka innii kuntu minandzdzoolimiin (Teu aya deui pangeran anging Alloh. Mahasuci Alloh,  saestuna jisim abdi kalebet salah sawios jalmi anu dzolim). Tah,  teras musyahadah ku cara dawam ngamalkeun dzikir eta.

Saterasna bertobat, mundut pangampura Gusti ku cara nyeueurkeun istigfar. Astagfirullooh (Ya Alloh hapunten jisim abdi). Salami urang istiqomah tur ikhlas ngadawamkeun istigfar tanwande Alloh baris maparin solusi tina saniskara perkara pasualan nu karandapan.  Alloh baris ngadongkapkeun rizki ti arah anu teu di sangka-sangka. Hal ieu sakumaha dijelaskeun kuMantena dina Al Quran surah Nuuh ayat ka 10 - 11, anu pihartoseunana : "Prak geura menta dihampura ka Pangeran anjeun,  saestuna Pangeran anjeun Gede pangampura, satemena Pangeran anjeun (Alloh SWT) baris nurunkeun hujan (rizki-pen) pikeun anjeun." (QS Nuuh : 10-11)

Anu salajengna urang kedah seueur bersyukur ka Gusti Alloh tina saniskara rupi-rupi kanikmatan anu parantos dikaruniakeun kuMantena ka urang.  Nikmat umur, nikmat sehat,  oge nikmat iman sareng islam, kalayan syukur eta diimplementasikeun ku cara ngadawamkeun dzikir kalimah toyyibah sakumaha anu diajarkeun ku Rasululloh SAW ngalangkungan hadisna anu soheh,kieu unggelna : "Subhaanallooh walhamdulillaah walaa ilaaha illallooh walloohu akbar, walaa haola walaa quwwata illaa billaahil 'aliyyil 'adziim." (HR. Abu Daud)
      Wallaahu 'alam bish shawab. ***
      -- lili guntur-

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Gunung Pancir Bihari jeung Kiwari

GUNUNG PANCIR perenahna di Desa Jelegong, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung. Kacatet luhurna nangtawing ngahontal 806 mdpl,  kalayan lega ambahan lahana 14,8 hektar. Taun 1980-an kaayaan Gunung Pancir masih ajeg, tacan kagunasika ku rohakana paneka zaman.  Mun ditingali ti kajauhan oge kajeueung muncugug ngajurungkunung, cek Mang Suhandi mah siga aseupan nangkub.  Masih keneh katenjo hejo ku tutuwuhan.  Endah katingalina.  Teu munasabah mangsa harita sok rajeun loba nu ngadon wisata hiking ka Gunung Pancir.  Sabada anjog ka puncak breh pamandangan, mayakpakna padataran Bandung nepi ka tebeh Soreang matak waas. Tacan ka panggih riwayat anu pertela naon sababna pangna eta gunung di sebut Gunung Pancir.  Tapi anu sidik mah, kitu cek Mang Suhandi (60),urang Kacamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Gunung Pancir mibanda ciri anu mandiri, bentukna jiga pancer (aseuk). "Tiasa janten pancir ieu tina kecap pancer, nyaeta aseuk atanapi ...

Kampung Adat Mahmud Ilang Dangiang

Ka Makom Mahmud di Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, saban poe tara towong kunu ngadon ziarah. Para peziarah datang ti saban daerah, lain wae warga sabudeureun Mahmud tapi teu kurang anu datang ti luar kota/kabupaten Bandung.  "Diantawisna aya peziarah anu dongkap ti luar pulo Jawa, inyana ngahaja seja ujlah ngadon mukim aya anu lamina saminggon, aya anu dugika opat puluh dinten. " Kitu pangakuan salah saurang kuncen Mahmud,Kai Tahrim alias Mang Dedi (54),ka Galura, sawatara waktu katukang.  Ditetelakeun, yen tokoh anu di pendem di Makom Mahmud teh nyaeta Syekh Abdul Manaf anu satuluyna meunang pangjuluk Eyang Mahmud. Cek kuncen, nepika kiwari tacan aya kasang tukang riwayat anu eces saha jeung urang mana sabenerna Eyang Mahmud teh. "Aya nu nyebatkeun cenah Syekh Abdul Manaf teh rundayan waliyulloh Syarif Hidayatulloh Cirebon, aya oge anu nyebatkeun anjeuna teh teureuh Mataram, putra Pangeran Nagadirdja." Kai Tahrim mindo caritaanana...