Langsung ke konten utama

Kampung Adat Mahmud Ilang Dangiang


Ka Makom Mahmud di Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, saban poe tara towong kunu ngadon ziarah. Para peziarah datang ti saban daerah, lain wae warga sabudeureun Mahmud tapi teu kurang anu datang ti luar kota/kabupaten Bandung. 
"Diantawisna aya peziarah anu dongkap ti luar pulo Jawa, inyana ngahaja seja ujlah ngadon mukim aya anu lamina saminggon, aya anu dugika opat puluh dinten. " Kitu pangakuan salah saurang kuncen Mahmud,Kai Tahrim alias Mang Dedi (54),ka Galura, sawatara waktu katukang. 


Ditetelakeun, yen tokoh anu di pendem di Makom Mahmud teh nyaeta Syekh Abdul Manaf anu satuluyna meunang pangjuluk Eyang Mahmud.
Cek kuncen, nepika kiwari tacan aya kasang tukang riwayat anu eces saha jeung urang mana sabenerna Eyang Mahmud teh.
"Aya nu nyebatkeun cenah Syekh Abdul Manaf teh rundayan waliyulloh Syarif Hidayatulloh Cirebon, aya oge anu nyebatkeun anjeuna teh teureuh Mataram, putra Pangeran Nagadirdja." Kai Tahrim mindo caritaanana.


Caritaan anu ditepikeun ku Kai Tahrim rada deukeut ngaharib - harib jeung katerangan anu ditepikeun ku paniten masalah sosial budaya ti Lembaga Pengawasan Kinerja Pembangunan Daerah (LPKPD), Aditia Rahman (54). Cek inyana Syekh Abdul Manaf teh memang teureuh Mataram, Jawa Tengah.


Satuluyna Aditia nembrakkeun pamanggihna, rehna dumasar kana naskah Sajarah Bandung, dina taun 1628 Sultan Agung Mataram ngirimkeun pasukan anu di pingpin ku Tumenggung Bahureksa pikeun ngarurug kompeni di Batavia (Jakarta) kalayan menta pangrojong bantuan ti pasukan Pasundan pingpinan 'komandan' Dipati Ukur.
"Harita Dipati Ukur ngerahkeun pasukan tempur sekitar 10 rebu prajurit, siap bergabung jeung pasukan Mataram ngarurug kompeni di Batavia." Cek Aditia basa gunem catur jeung Galura di sekretariat LPKPD, Komplek Bumi Parken C11 Kabupaten Bandung, Rebo (9/10/2019).


Aditia neruskeun deui caritaanana, sok sanajan anu antukna pasukan Dipati Ukur kasoran ngalawan pasukan kompeni. Pon kitu keneh pasukan Mataram di bawah kapamingpinan Tumenggung Bahureksa sarua teu manggapulia dina nyanghareupan kompeni anu samagrang ku pakarang. Turug-turug serangan ti pasukan Dipati Ukur jeung pasukan Tumenggung Bahureksa teu guyub. Paculihey. Pasukan Dipati Ukur miheulaan ngayakeun penyerbuan ka Batavia, sok padahal kahayang pasukan Mataram mah penyerbuan teh dilaksanakeun babarengan.
"Pangna kitu teh cenah pasukan Dipati Ukur ngarasa kesel meh saminggu nungguan pasukan Mataram anu di pingpin ku Tumenggung Bahureksa can embol-embol datang. Samemehna pasukan Dipati Ukur teh transit heula di Karawang nungguan pasukan Mataram." Cek Aditia.


Kuayana penyerbuan teu guyub tea alhasil kurang kakuatan. Pasukan Dipati Ukur kadeseh,bubar katawuran. Nasib sarupa satuluyna karandapan oge ku pasukan Mataram. Balatentara Mataram ka ered mundur. Prajurit Mataram bubar paburencay. Aya nu ngidul, aya nu ngetan, lumpat pada -pada nyalametkeun diri. Sabagian gede langsung muru Mataram nepikeun laporan ka Sultan, netelakeun yen pasukan Dipati Ukur teu beunang di percaya, hianat miheulaan indit ngayakeun penyerbuan ka Batavia.
"Diantara prajurit Mataram anu teu kungsi mulang deui ka Mataram nyaeta  Abdul Manaf anu satuluyna meunang pangjuluk Syekh Abdul Manaf alias Eyang Mahmud." Cek Aditia bari neruskeun deui caritaanana anu cenah Abdul Manaf jeung sababaraha urang baturna aprak - aprakkan neangan tempat panyumputan anu sakirana aman moal kabeledig ku soldadu Belanda alias kompeni.


Ahirna manggihan tempat, sisi walungan Citarum. Taneuh ranca (embel), berecek teu pikabetaheun. Eta tempat teh perenahna buni pisan, kaliung kasiput ku walungan Citarum. Tepi ka kiwari eta tempat nelah Kampung Mahmud.


Kasang tukang pangna dingaranan Kampung Mahmud, sabadana bumen-bumen di ranca sisi walungan Citarum, didinya Abdul Manaf nyieun pangabetah sarta mimiti ngayakeun pangajian, jadi guru (Syekh) nyebarkeun agama Islam pikeun warga anu aya disabudeureun eta patempatan. Satuluyna Syekh Abdul Manaf kasorang munggah haji ka Mekah.
"Saurna, nalika di Mekah, Syekh Abdul Manaf kantos ngadu'a payuneun Gubah Mahmud anu perenahna caket Masjidil Haram. Neda ka Gusti sangkan tempat anu di anggo panganjrekkan ku anjeuna janten tempat anu berkah, mibanda karomah, saur urang Sunda mah janten tempat karamat. Ku anjeuna eta tempat teh dinamian Mahmud, nurut buat tina tempat anjeuna ngado'a di Gubah Mahmud." Cek Aditia.


"Dugika merdeka alhamdulillah, Kampung Mahmud mah can kantos ka beledig kunu namina kompeni, sasat anu janten musuh gerot Syekh Abdul Manaf. Anjeuna mah ceuceub pisan ka kompeni teh. Numawi Syekh ngalarang ka wargana anu aya di Kampung Mahmud, teu meumang nganggo pakakas imah buatan urang kafir nyaeta kaom penjajah." Cek Aditia.


Aditia mindo caritaanna deui, matakna jaman jumenengna Eyang Abdul Manaf mah urang Mahmud pantang ngagunakeun barang-barang buatan bangsa deungeun. Ti mimiti bahan wanguanan, parabot rumah tangga, alat hiburan, jeung nu sejena.

"Kabiasaan kitu teh, nganut pantrangan Eyang Abdul Manaf, lumangsung dugika era kapamingpinan almarhum H Amin salaku pupuhu adat Kampung Mahmud." Cek Aditia kalawan daria.





Bihari jeung Kiwari

Kaayaan Kampung Mahmud bihari estu matak helok anu nenjo betah nu ningali. Wangunan paimahan kontruksina guyub di jieun tina bahan kai jeung awi, iuh-iuhna tina hateup injuk, tepas imah bolongor teu make kaca, posisi imahna ngaberes rapih, nu nyangudur ngidul, nu nyangudur ngaler, meres teu paculihey. Lingkunganana asri tur beresih, rembet ku kakayon jeung tutuwuhan kayaning tangkal kai gede nu geus jaranggotan. Saban waktu runtah-runtah dangdauann rutin diberesihan. Pangeusi lemburna someah ka saban semah.
"Dugika taun 80-an urang Mahmud tacan seueur nu ngadamel sumur, margi mangsa harita cai ti walungan Citarum masih tiasa dimangfaatkeun kanggo kaperyogian rumah tangga. Harita mah suasana Kampung Mahmud masih karaos adem teu harengheng. Masih jarang anu kagungan radio, sumawona televisi, margi emut kana pantrangan demi menghormati sang pendiri Kampung Mahmud anu ngalarang hirup hedonisme." Cek Aditia.


Dina taun 1979 Aditia kungsi ngalaman naek rakit eretan mun inyana pareng rek ka Kampung Mahmud.
"Kapungkur mah upami bade ka Kampung Mahmud teh kedah meuntas nganggo rakit awi, margi lokasi Kampung Mahmud teh kaliung kasiput ku walungan Citarum." Aditia mulangkeun deui panineunganana.

Anapon kondisi Kampung Mahmud kiwari pajauh pisan jeung kaayaan Kampung Mahmud bihari. Ayeuna mun pareng ngalanto ka Kampung Mahmud suasanana harengheng.
"Karaos pisan parobahanana kondisi Kampung Mahmud sabadana aliran sungai Citarum diluruskeun ku pamarentah kalayan tujuan pikeun ngungkulan banjir utamana dikawasan girang. Maksadna sangkan aliran cai Citarum kebat teu kahambat kuayana pungkal-pengkol. Sahingga teu ngabalukarkeun genangan di wilayah hulu."

Lahan urut walungan Citarum heubeul keur di Becho deui. (Foto : Jumaah, 11/102019)**

Aditia nandeskeun,tapi sok sanajan aliran walungan Citarum geus dilempengkeun, angger we nepika ayeuna daerah Sapan Majalaya, Tegalluar, Bojongsoang, Dayeuhkolot, Baleendah, upama usum hujan teu weleh katarajang banjir nu mokaha balukar mudalna walungan Citarum.


Masih nurutkeun Aditia, drastisna parobahan kaayaan Kampung Mahmud, oge sabadana ku pamarentah ditetepkeun salaku Situs Cagar Budaya dina taun 2012. Pamarentah mimiti mere perhatian jeung binaan. Satuluyna meh saban taun mere dana hibah biaya mulasara Situs Cagar Budaya Kampung Adat Mahmud.
"Ngawitan di bangun jalan, lajeng gapura ,masjid lengkep sareng fasilitas air bersihna. Eta kanggo kapentingan para peziarah anu saban dinten tara towong pangpangna dina malem Jumaah." Cek Aditia.


Luyu jeung lajuning pajamanan, cek Aditia, Kampung Mahmud nu cenah mah mangrupa Situs Cagar Budaya Kampung Adat, sakilat kiwari salin jinis milu aub ngigelan zaman. Mun baheula mah wangunan paimahan oge taya gedong ku tembok, kabeh guyub bentuk imah teh panggung tina bahan kai jeung awi,  iuh-iuhna ngagunakeun hateup injuk, tepasna bolongor teu di kacaan, ayeuna mah paimahan di Kampung Mahmud teh geus jlug-jleg gedong kecuali keur anu can werat nyieun imah gedong, masih angger imahna panggung. Di imah-imah di Kampung Mahmud ayeuna mah geus obyag baroga pakakas elektronik saperti radio, televisi, kulkas, nyangu oge geus teu dina hawu tapi rata-rata ngagunakeun magicom. Oge geus baroga hape android.

"Sim kuring ngaraos Kampung Mahmud kiwari tos ilang dangiangna salaku kampung adat. Ka ayaanana prah sapertos kampung biasa wae." Aditia mungkas obrolan.***
--Lili Guntur--

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Gunung Pancir Bihari jeung Kiwari

GUNUNG PANCIR perenahna di Desa Jelegong, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung. Kacatet luhurna nangtawing ngahontal 806 mdpl,  kalayan lega ambahan lahana 14,8 hektar. Taun 1980-an kaayaan Gunung Pancir masih ajeg, tacan kagunasika ku rohakana paneka zaman.  Mun ditingali ti kajauhan oge kajeueung muncugug ngajurungkunung, cek Mang Suhandi mah siga aseupan nangkub.  Masih keneh katenjo hejo ku tutuwuhan.  Endah katingalina.  Teu munasabah mangsa harita sok rajeun loba nu ngadon wisata hiking ka Gunung Pancir.  Sabada anjog ka puncak breh pamandangan, mayakpakna padataran Bandung nepi ka tebeh Soreang matak waas. Tacan ka panggih riwayat anu pertela naon sababna pangna eta gunung di sebut Gunung Pancir.  Tapi anu sidik mah, kitu cek Mang Suhandi (60),urang Kacamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Gunung Pancir mibanda ciri anu mandiri, bentukna jiga pancer (aseuk). "Tiasa janten pancir ieu tina kecap pancer, nyaeta aseuk atanapi patok bumi. Patok hartosna ci

Tatar Ukur

Samemeh Kabupaten Bandung ngadeg, daerah Bandung katelah meunang pangjuluk “Tatar Ukur”. Anapon anu ka ereh daerah Tatar Ukur,nurutkeun naskah Sadjarah Bandung, nyaeta puseur dayeuhna di Karapyak. Wilayahna ngawengku daerah Timbanganten,Gandasoli, Adiarsa, Cabangbungin, Banjaran, Cipeujeuh, Majalaya, Cisondari, Rongga, Kopo, Ujungberung, jeung daerah sejena.  Timimiti abad ka 15, sacara turun tumurun karajaan Timbanganten anu puseur dayeuhna di Tegalluar diparentah ku Prabu Pandaan Ukur,Dipati Agung, katut Dipati Ukur. Wilayah Tatar Ukur teh kawilang lega ambahanana ngawengku 9 daerah anu aya di Jawa Barat tur meunang sebutan “ukur sasanga.”  Sabada karajaan Pajajaran burak taun 1579 alatan di rurug ku wadia balad Banten anu hayang nyebarkeun agama Islam di Jawa Barat, (samemehna) raja Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi ngutus opat urang kandang lante pikeun masrahkeun Mahkota Siger Binokasih ka Nalendra Sumedanglarang. Utusan anu opatan teh nyaeta Jaya Perkosa, Nanggana

Nasehat Syekh Abdul Qadir Zaelani

UPAMA seug ngeunteung kana nasehat waliyulloh Syekh Abdul Qadir Al Zaelani,saur anjeuna dina kitab Minhajul Qasidin karya Ibnu Qudamah, wirehna saupami di antawis urang nandangan ka susah anu banget kacida, susah anu taya hinggana,  ngaraos sulit tur werit mayunan kahirupan,  anu jelas tur tetela urang kedah usaha milari tarekah sangkan eta kasusah tiasa pukah. Anapon saupami keukeuh peuteukeuh, kitu saur Syekh,  tos  upaya lahir batin  nanging eta kasulitan angger wae ngukuntit,  mangka jurus konta alias jurus pamungkas pasrahkeun jiwa raga urang kaMantena (Allah azza wajalla), pangeran anu ngusik malikeun abdi-abdi sadaya.Saestuna Alloh Mahaberkehendak,  dalah hakekatna ringkang rindat urang sadaya anging pangersa Gusti.  Sadaya hasrat, paneja,  hasil teu hasil,  sadayana gumantung widi Gusti (bi idznillah). Allah SWT ngadawuh dina Al Quran anu pihartoseunana : "Saupama seug Alloh maparin pitulung ka anjeun, tanwande moal aya nu manggapulia ngelehkeun anjeun, sabalikna